Budaya jeung Pariwisata di Kabupaten Bogor Teu Digarap kalayan

Transcription

Budaya jeung Pariwisata di Kabupaten Bogor Teu Digarap kalayan
o Senin o Se/asa o Rabu
17
2
18
OJan
3
4
19
OPeb
o
5
6
20
21
Mar
OApr
aleuang juru kawih atawa sinden
"Kasenian kabudayaan jasana sanes
lumayan."
Lamun ngabandungan
laju ngalenyepan
eta kekeeapan
turta
didasaran ku ati nu wening dumeling, hakul
yakin, hirup-huripna
kabudayaan
bakal
mekar sarta manjang sinambungan tepi ka
mangsa nu bakal datang.
Hanjakal, eusining eta kawih teh bangun
dianggap teu pira. Padahal, kaendahan basa
jeung ajen palasipahna mun dilenyepan mah
bisa nodel mamarasing rasa. Ari sabab, mun
mamaras rasa bisa katodel, Insya Alloh, sing
sakur paniatan nu baris dipilampah leuwih
daria, rapekan, taliti jeung ati-ati.
Tangtu bae teu kumna masarakat bisa
ngarnana'an
sarta ngalaksanakeun
dina
kahirupan
sapopoe ngeunaan
rupaning
palasipah nu diwariskeun ku para karuhun.
Rea sabab nu jadi eukang lantaran. Tapi, nu
pangutamana
mah lebah paniatan, elrnu
pangaweruh, waragad, sarta kakawasaan.
Tah, ditilik tin a dadaran di luhur nu
ngan sauted teh, keur kuring sakuringeun
mah, tarekah
rengrengan
parnarentah
Kabupaten Bogor dina ngokolakeun budaya
jeung pariwisata teh kawilang padu bae
jeung saayana.
Lain sisiwo komo ngawadul tanpa bukur
mah kuring nyebut kitu teh, Teu pereaya?
Mangga urang sebut dua bae. Kahiji,
tinggaleun jaman. Kiwari teh urang hirup
dina alam kasajagatan.
Beja di lembur
Leuwinutug, upamana, bisa ngan sakocepatan tepi ka urang Los Angeles. Nya kitu
deuih, polah David Beekham di Arnerika
ngan sakedet netra ditoong ku Ceu Nunung
di Ciarnpea.
Tangtu bae ganeangna warta ti sakuliah
dunya teh alpukahna teknologi internet. Ku
intern et urang bisa ngernbarkeun rupaning
kabeungharan
jeung kapentingan
kalayan
ganeang. Ku Internet, keur mah gampang
dina midangna
oge tembong
ginding.
Nernbong nu ginding bari pikatajieun,
piraku urang deungeun teu daratang ka lembur urang.
Lebah internet, saenyana mah Pemkab
Bogor, pangpangna nu ngokolakeun budaya
jeung pariwisata geus rada melek. Ngan bae,
arinyana ninggang dina paribasa tuturut
munding jeung geledug ees.
Waktu ieu pedaran dikotret, Saptu 5
Maret 2011 blog nu alamatna http://disbudpar.bogorkab.go.id/
warta atawa artikel nu
midang di kaea panghareupna atawa tepasna
eusina teh data nu geus ladu bin basi tea.
Enya, di dinya aya warta ngeunaan
kagiatan kabudayaan
di Sindangbarang.
Ngan bae, eta warta teh meunang nyokot
sagemblengna tina Radar Bogor, tanggal 18
Desember 2008. Nu jadi teu ngarti, naha
urang parnarentahan teu aya nu bisa nul is
warta kitu-kitu bae? Naha salila Januari
2009-Maret 2011 teu aya kagiatan kabudayaan di KabupatenBogor? Mim tea mah
aya, kumaha kadar kagiatanana?
Rohaka,
H
7
22
•
•
8
23
Me;
Kamis
o Jumat o Sabtu o Minggu
10
11
9
24
25
26
OJun
OJul
0 Ags
@)
27
OSep
13
28
OOkt
14
15
29
30
ONov
31
ODes
Budaya jeung Pariwisata di Kabupaten Bogor
Teu Digarap kalayan Daria
Ku Djasepudin
sahinasna, atawa asal aya bae?
Ah, mun pohara oge pasti rea diembarkeun ku media-media kelas regional
jeung nasional. Nu kapireng jeung kabaea
mah jempling bin tiiseun. Nu eees kagiatan
kabudayaan di Kab. Bogor mah ternbong
pupujieun doang.
Muhun,
eara
festival
dongdang.
Boroning rea hikmahna, nu jelas para guru
di lingkungan Disdik Cibinong bae rea nu
ngangluh. Ari sabab, tiap SD kudu nyieun
dondang
katut
eusina,
ngabring
ka
lingkungan kantor Pemkab Bogor. Tapi ku
lulugu Disdik teu meunang ngagunakeun
duit BOS. Ari di sakola rupaning kagiatan
teh ngan ngandelkeun duit BOS jeung teu
meunang mulut iuran ti murid. Antukna,
para Bapa jeung Ibu Guru teh kantun
jangarna sarta ngarugal-rigellaporan.
Harita keneh, kuring mukaan situs
atawa blog sejenna nu dikokolakeun ku
urang Pemkab Bogor. Bleg bae papanggih
jeung situs nu alamatnahttp.Z/www.wisatakabupatenbogor.eom.
Cara
situs
http://disbudpar.bogorkab.go.id/
situs
http://www.wisatakabupatenbogor.com
oge pidanganana
oge ternbong tell" pikabitaeun. Estuning asal nyieun bae kawasna
mah.
Rada beda jeung situs memehna, situs
nu kadua mah rada pireugreugeun sugan.
Ternbong dina kaea panghareupna
sarta
jadi pamapag munggaran pikeun nu nganjang ka etasitus aya tulisan: Selamat
Datang di Website Dinas Kebudayaan dan
Pariwisata Kabupaten Bogor. Website ini
berisi informasi seputar wisata alam, wisata buatan
dan budaya yang ada di
Kabupaten
Bogor ...Pada tahun
2011
Kabupaten
Bogor akan mengadakan
hajatan besar yaitu Visit Bogor 2011. Visit
Bogor 2011 ini bertujuan untuk rnengenalkan keragaman
potensi wisata dan
budaya khas Bogor. (Ngahaja teu dicutat
kabeh, da kaerong ku Balebat moal kabeh
dimuat)
Pireugreugeun
teh geus deukeutdeukeut kana ngabukti. Nalika kuring
ngimeutan data-data di beh handapeunana
sarta dina kaca sejenna horeng pelengkeung bengkas nyalahan alias kabelejog.
. Teu rek kueiwa kumaha, Eta situs ngan
majang salah sahiji tempat futsal katut di
wewengkon Cileungsi, salah sahiji bioskop
di budeureun
Sentul,
tempat
dahar
pasakan Jepang, sarta agenda dinas model
rapat atawa pelatihan taun 2010.
Kumaha "rek
daratangna
urang
deungeun
ka lembur
urang
ari nu
dipidangkeunana
nu kitu mah. Kapan,
model lapang
futsal,
tempat
dahar,
bioskop, temp at nginum mah leuwih ginding di luar negeri. Teu araneheun teu sing
bangsa asing ka nu karitu mah. Cik atuh nu
dipajang nu teu aya di batur tapi nyampak
di urang, model sajarah katut gambar
atawa pelern angklung atawa penea atuh.
Lian nu tradisional atawa nu leuwih
nyunda, tangtu bae eusining situs nu hade
tur dipikaresep ku batur mah nu datadatana terus anyar jeung nambahan. Lain
ieu mah eta-eta keneh bari eta oge rneunang neplak ti batur.
Kadua, teu engeuh kana Peraturan
Daerah. Pemda Jabar teh kapan boga
Perda No. 5/2003 ten tang Pemeliharaan
Bahasa, Sastra dan Aksara Daerah, Perda
No.6 Tahun 2003 tentang Pemeliharaan
Kesenian, Peraturan Daerah No. 7 Tahun
2003 ten tang Pengelolaan Keperbukalaan,
Kesejarahan,
Nilai
Tradisional
dan
Museum.
Tah, mun engeuh kana eta Perda mah
atuh di budeureun
kantor Pemkab bae
pidangan kasenianana oge lain band-band
ti Jakarta atawa Bandung doang. Matak
naon saban malern Minggu pidangkeun
oge jaipong,
lenong, atawa parneran
barang titinggal karuhun kalayan mayeng.
Patali jeung
Perda No. 5/2003,
Pemkab Bogor mah kamari bae, tanggal 21
Pebuari, teu ieuh ngayakeun mieling poe
basa indung sadunya. Malah, teu sakalikali acan. Padahal ti taun 1999 UNESCO
bae geus nyindekkeun basa indung atawa
basa seke seler teh penting pisan.
Ah, rnoal aya tungtungna
medar
kurang padulina
Pernkab Bogor dina
ngokolakeun
budaya jeung pariwisata
mah. Meureun bae, para pangagung mah
sibuk
ku masalah-masalah
sejenna.
Antukna widang budaya jadi kaluli-Iuli
turta teu dipirosea,
Ketang, boroning masalah budaya,
ngurus ramijudna patalimarga di Simpang
Tiga Cibinong, upamana, teu manggapulia
alias eleh ku tukang dagang VC]) bajakan.
Antukna, Cibinong teh beuki rnacet, panas,
rujit, Meek, jeung bau.
. Ari kitu mah keur nanahaon ngajeblag
tulisan Visit Bogor 2011?
DJASEPUDIN,
alumnus
Program
Studi Sastra Sunda Unpad Bandung; nganjrek di Kel. Nanggewer,
RT 3 RW 2,
Cibinong, Kab, Bogor
59
Mangle No. 2322
KUplng
Humaa Onpad 2011